B. Daerah

Pertanyaan

Jieun kalimah ngagunakeun paribasa ieu 1.hutang salaput hartina:loba pisan hutang,nepi ka hese di kabayar.hutang uyah bayar uyah. 2.hulu gundul di hihidan hartina:nu keur untung tambah untung. 3.dosa salaput hulu hartina:dosa anu geus kacida lobana 4

1 Jawaban

  • Hal penting dina nyieun kalimah ngagunakeun paribasa nyaeta kudu ngarti kana harti eta paribasa. Harti tina paribasa hutang salaput hulu nyaeta hutangna kaditu kadieu. Harti tina paribasa hulu dugul dihihidan nyaeta nu keur senang tambah senang, nu keur untung tambah untung. Harti tina paribasa dosa salaput hulu nyaeta dosa anu geus kacida lobana. Dina basa Sunda, paribasa teh kaasup kana pakeman basa.

    Pembahasan

    Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Kusabab pakeman basa atawa paribasa teh miboga susunan kekecapan anu geus maneuh, kecap atawa kekecapan nu aya dina pakeman basa teu meunang dirobah, boh ditambah, dikurangan atawa diganti.  

    Saperti paribasa hutang salaput lengkepna nyaeta hutang salaput hulu. Paribasa anu bener teh hulu dugul dihihidan, lain hulu gundul dihihidan, gundul mah bahasa Indonesia, bahasa Sundana gundul nyaeta dugul. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta paribasa, babasan, cacandran, kila-kila jeung pamali. Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu  ngagunakeun paribasa hutang salaput hulu, hulu dugul dihihidan jeung dosa salaput hulu:    

    1. Ari ku usaha jeung doa anu keyeng mah sanajan hutang salaput hulu oge moal teu kabayar
    2. Eta mah hulu dugul dihihidan, kakara oge Mang BAni teh meunang bati tina ngajual sawah, ayeuna geus meunang deui bati tina ngajual mobil.  
    3. Sok sanajan dosa salaput hulu, tapi ari memang boga niat rek babalik pikir jeung moal deui-deui ngalakukeun dosa, insya Allah eta dosa teh bakal dihampura ku Gusti Allah

    Pelajari lebih lanjut

    • Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
    • Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
    • Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa

    Bab : 3

    Kode : 9.13.3

    Kata Kunci : Nyieun kalimah ngagunakeun paribasa

Pertanyaan Lainnya