kecap nu nuduhkeun kaayaan irung nu alus mancung nyaeta
B. Daerah
hendriyanaherip30ife
Pertanyaan
kecap nu nuduhkeun kaayaan irung nu alus mancung nyaeta
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Kecap nu nuduhkeun kaayaan irung nu alus mancung nyaeta bangir. Kecap bangir teh mangrupa kecap kaayaan atawa sipat jalma. Conto kecap kaayaan atawa sipat jalma lianna, salian ti bangir, nyaeta saperti kecap bayuhyuh hartina nyaeta awakna lintuh pisan, kecap bedegul hartina nyaeta sirahna gede, jeung sajabana ti eta.
Salian ti kecap pikeun nuduhkeun kaayaan jelema, aya oge kecap pikeun nuduhkeun warna saperti beureum euceuy jeung hejo ngagedod, kecap pikeun nuduhkeun rasa saperti amis kareueut jeung pait molelel, sarta kecap pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan liannya salian ti kaayaan atawa sifat jelema saperti poek mongkleng jeung caang mabra.